Kampung
Naga
Kampung Naga ayana di Tasikmalaya
diperbatasan Garut. Kampong Naga téh ngahiji jeung alam sakitarna anu teu acan
karobah. Dina éta lémbur téh loba leuweung anu dilarang ka asupan ku jalma.
Contona sapertos leuweung kramat.
Kacaritakeun, dina hiji amngsa aya
jalma anu asup ka leuweung kramat. Tah, éta jalma anu asup ak leuweung kramat
téh tangtu teu bisa balik deui. Dina tempat,
anu katelah leuweung kramat téa téh loba pisan gawir anu laluhur.
Loba pisan larangan anu kudu ditaati
dina éta témpat. Sapérti larangan, lamun imah didinya teu bisa ditambahan deui.
Misalna, éta imah didinya aya 113 tah éta imah téh teu bisa ditambahan deui.
Larangan anu kadua nyaéta, peuting-peuting teu meunang kaluar ti imah. Kusabab
sok loba kajadian anu anéh. Tuluy éta lembur téh diaranan kampong Naga.
Diaranan kampong Naga téh lain pédah di éta kampong loba naga, ngan kécap naga
asalna tina nagawir. Éta kécap tuluy disingkat jadi naga. Anu akhirnamah éta
kampong téh jadi kateulah kampong Naga.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar