Rabu, 09 Juli 2014

Gunung Tangkuban Parahu
                                                
          Kacaturkeun zaman baheula Sangkuriang bogoh ka nyai Dayang Sumbi manéhna haying kawin jeung Dayang Sumbi, ngan lamun Sangkuriang haying kawin ka Dayang Sumbi kudu nyumponan sarat anu bakal diajukeun ku Dayang Sumbi.
            “ Heg waé jang kawin ka simkuring ngan pangmendungkeun walungan Citarum di Sangiang kendit jeung parahu anu gede pikeun ké urang lalayaran dina parahu éta ngan kudu angges dina mangsa hiji peuting.” Ceuk Dayang Sumbi
            “ Kumaha arék bisa simkuring nyumponan éta sarat ngan saukur dibéré mangsa hiji peuting ku  nyai.” Ceuk Sangkuriang
            “ Nyaéta mah kumaha ujang ari daék heg cumponan éta sarat ti simkuring.” Ceuk Dayang Sumbi
            Dayang Sumbi merekeun éta sarat kusabab manéhna geus nyaho éta sangkuriang téh yén anak manéhna.
            Kusab baheula mah jalmana sararakti éta sarat téh di cumponan ku Sangkuriang. Sangkuriang nyieun éta bendungan téh dibantuan ku bobogaan manéhna anu mangrupa jin. Dijieun tah éta bendungan téh ku bobgaan Sangkuriang.
            Nya énya wéh Dayang Sumbi mah sieun kawirangan pas ningali éta sarat anu dibikeun ka Sangkuriang tereh ka cumponan, da piraku indung kawin jeung anakna. Tuluy éta Dayang Sumbi nyokot boéh rarang nyéta lamak bodas , di cag-cag tah boéh rarang téh tuluy diaurkeun ka beulah wétan.
            Éta ritual téh mantak muncul keun panon poé. Ceunah, éta poé mantak nyieun pikasieunén éta jin. Jadi si jin éta bakal eureun digawé nyieun bendungan. Pikeun nyumponan sarat anu diajukeun ku Dayang Sumbi ka Sangkuriang. Sa enggeus éta boéh rarang di awurkeun ka Beulah wétan, bijil balebat beurang geus kitu téh, éta parahu anu jadi salasahiji saratna teu acan anggeus kéneh waé tuluy ditajong éta parahu ku Sangkuriang sangkan ambek.
            Jadi parahu anu ditajong ku Sangkuriang jadi Gunung Tangkuban Parahu, diaranan tangkuban parahu téh kusabab Sangkuriang najong éta parahu neuoikeun ka nangkub.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar