Rabu, 09 Juli 2014

Biantara panata Calagara

Assalamualaikum Warohmatullahi Wabarokatuh.........
Sampurasun.....
Kumaha Daramang ?

            Alhamdulillahirobbilalamin an’ama alaina binikmatil imani wal islam. Ashadualaillahaillah wahdahula syarikalah. Waashaduanna muhammadan abduhu warusuluh la nabi ya ba’da ama ba’du.
            Langkung tipayun sumangga urang sanggakeun sagala puji ka Dzat Illahi Robbi, sagala puja ka Alloh Azza Wazzala, rehna dina danget ayeuna urang tiasa pateupung lawung paamprok jonghok dina kaayaan sehat wal’afiat.
            Teu hilap solawat miwah salam mugia salawasna disanggakeun ka junjungan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW.
            Ngahaturkeun nuhun ka panata acara anu parantos maparin waktos kanggo simkuring jabung tumalapung dina ieu tempat.
            Hormateun simkuring, Bpk. Pupuhu SMP NEGERI 1 CAMPAKA, guru-guru saparakanca Stap TU. Pon kitu deui teu hilap ka rerencangan anu ku simkuring di pikacinta.
            Simkuring nangtung dina ieu tempat salaku pupuhu panata calagara pagelaran, dina wangkit ayeuna baris nepikeun beber pancen Ujian Praktek Basa Sunda sareng Seni Budaya.
            Tujuan diayakeunna kagiatan pagelaran ieu nyaeta pikeun ngarojatkeun kacintaan urang kana budaya sunda, ngalestarikeun budaya sunda, ningkatkeun kreativitas seni budaya sunda, ngagali bakat siswa/siswi SMP NEGERI 1 CAMPAKA, ngawujudkeun kinerja siswa/siswi SMP NEGERI 1 CAMPAKA, sareng nambah wawasan kana budaya sunda.
            Pon kitu deui eusi dina ieu kagiatan nyaeta :
§  Maca Al-quran sareng saritilawahna
§  Doa Tutup
§  Anggana Sekar
§  Rampak Sekar
§  Tari tunggal
§  Tari Rampak
§  Kabaret
§  Tarian Kamones
Pangharepan dina ieu kagiatan nyaeta supados siswa/siswi SMP NEGERI 1 CAMPAKA leuwih reueus kana kabudayaan sunda, sareng leuwih wanter dina nampilkeun sababaraha kreasi seni budaya sunda.
            Ngahaturkeun nuhun ka ibu Any Yuniaty salaku wali kelas IX G anu parantos ngabantosan lumangsungna ieu acara, ka Bpk. Ahmad Sofiyan Effendy salaku guru mata pangajaran basa sunda, Bpk Firman Mujahidin salaku guru mata pangajaran seni budaya, sinareng reng-rengan anu parantos masihan waktos, sumanget, sareng ide-ide na.
            Simkuring nyuhunkeun dihampura tina sagala kakirangan acara ieu. Rupina sakitu sanggeman ti simkuring, hapunteun bilih langkung saur bahe carek, bobo sapanon carang sapakan tutus langkung kepang halang mugia kersa ngahapunteun.


Wassalamualaikum Warohmatullahi Wabarokatuh....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar