Rabu, 09 Juli 2014

CIKUMPAY
                                                                              
            Disébut lémbur Cikumpay zaman baheula aya Nyai anu geulis pisan. Éta kageulisanna kakoncara kamana-mana. Ngaran éta Nyai nyaéta Nyai RangRang. Éta Nyai Rang-Rang téh ngahaduhan indung téré jeung raka, éta indung jeung rakana kacida pisan galakna. Nyai Rang-Rang téh geus dianggap kuli ku indung jeung rakana. Hiji mangsa Nyai Rang-Rang arék nyeuseuh di walungan, tah Nyai Rang-Rang téh manggihan lauk anu beunang ku pancingan, tuluy éta lauk téh ditulungan ku Nyai Rang-Rang, lauk anu ditulungan éta ku Nyai Rang-Rang téh lain salauk-laukna. Éta téh jalmaan widadari anu dikutuk jadi lauk kusabab ngalanggar paraturan kaum widadari. Éta lauk téh ngarana lauk kumpay.
            Singkat carita, indung jeung rakana téh nyahoeun boh si Nyai Rang-Rang ngagaduhan lauk ajaib. Tuluy, dicokot éta lauk kuindungna, tuluy éta lauk téh dipaéhan, nya ceurik téa atuh Nyai Rang-Rang ningali éta lauk anu geus dipaéhan, da éta lauk téh geus dijadikeun babaturan ku Nyai Rang-Rang.
            Tuluy, ku Nyai Rang-Rang éta lauk téh dikuburkeun. Dina hiji peutin Nyai Rang-Rang ngimpen lauk anu ngomong ka Nyai Rang-Rang.
            “ Cabut éta tangkal anu aya dikuburan kaula, jadikeun pangajaran pikeun indung jeung raka anjeun.”Ceuk éta lauk kumpay
            Tah éta impenan, kapikiran ku Nyai Rang-Rang, naon ari maksad éta impenan téh. Tuluy weh, dilaksanakeun éta préntah lauk kumpay téa. Langsung dicabut éta tangkal anu aya di kuburan lauk kumpay. Tuluy, kaluar cai anu kacida gédéna, anu nyebabkeun banjir. Éta banjir téh nganyeubabkeun jadi situ, anu ngarana ayeuna katelah Situ Cikumpay. Aya ogé anu nyaritakeun masarakat Cikumpay mah gareulis tur laleumpay, mantak disébut Cikumpay. Cikumpay ogé hég make disébut lémbur lémpay apan tadi téa, Nyai Rang-Rang anu geulis kacida anu kabawa ku banjir, aya ogé anu nyaritakeun cing urang mana-mana datang ka Cikumpay, jadi gareulis tur lémpay, éta téh pangaruh cai anu aya di Cikumpay mantak éta lémbur kateulah lémbur Cikumpay.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar