Cimaung
Baheulana
di lembur Cimaung téh hésé pisan meunangkeun cai. Aya sumber cai ngan aya hiji
nyaéta diwahangan. Ngan euweuh hiji jalma anu wani ka éta wahangan. Sangkan
maranéhna butuh pisan cai. Nya pantés teu aya anu wani ogé da diwahangan éta téh
loba pisan maung.
Kacaritakeun keur éta aya hiji
jalma, anu kacida pisan butuh kana cai manéhna ngawanikeun pikeun kawahangan
anu loba maung téa pikeun nyokot pangabutuhna. Pas manehna nepi ka éta
wahangan, maéhna manggihan hiji maung anu katindihan ku tatangkalan, tuluy ku
éta jalma ditulungan éta maung téh. Ari singhoréng éta maung téh bisa ngomong
jiga jalma. Éta maung téh lain samaung-maungna. Tuluy éta maung téh ngomong ka
si jalma.
“kaula , hatur nuhun ka anjeun . pék
ayeuna anjeun haying naon ti kaula ?” Ceuk si maung.
Rewas kacida éta jalma ngadéngé éta
maung bisa ngomong.
“kaula mah moal menta nanaon ka
anjeun . ngan kami mah hayang kabéh maung anu aya didiyeu kudu mijah ka temapat
lain. Kusabab iyeu cai anu aya di wahangan dipikabutuh pisan ku masarakat
didiyeu, da masarakat na gé sieuneun atuh lamun arék nyokot cai kawahanga iyeu
da ningali loba maung na.” Ceuk éta jalma.
“Nya kaula, bakalan mijah ka témpat
anu lain.”Ceuk eta maung.
Saéngges éta s maung ngucapkeun
janji , tuluy éta maung téh marijah ti éta wahangan. Duka mijah kamana. Nepi ka
ayeuna tah lémbur nelah ku lémbur cimaung.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar